Latihan soal TO 2
Tepi ka sisi leuwi peucang rarat reret ka sisi ka gigir. Matana ngulincer bangun aya nu diteangan. Matana eureun dina lebah tungturunan ka leuwi. Dina jero cai lebah tungturunan leuwi matana nenjo catang. Eta catang teh hantem bae di sidik-sidik. Tapi catangna tetep wae cicing teu obah-obah.
1. Anu jadi tokoh (palaku) dina sempalan carita di luhur nayeta ….
A. Munding
B. Buaya
C. Peucang
D. Ucing
2. Eta catang hantem disidik-sidik. Catang saharti jeung kecap …
A. Akar
B. Daun
C. Buah
D. Tangkal
3. Matana eureun dina lebah …. Ka leuwi.
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta …
A. turun
B. tuturunan
C. katurunan
D. tungturunan
4. Tempat kajadian carita di luhur nyaeta ..
A. sisi laut
B. sisi leuwi
C. sisi balong
D. sisi walungan
5. Ngarana mah Mang wardi. Tapi sabab pagaweana nyieun pengki, jadi katelah mang pengki manehna teh. Enya atuda, ti leuleutik nepi ka boga anak pamajikan, pagaweana teh nyieun pengki. Di lemburna, ngaran mang pengki leuwih dipikawanoh, tibatan mang wardi.
Nyieun pengki teh pagawean mang Wardi ti …
A. leuleutik
B. ngarana
C. katelah mang pengki
D. boga anak pamanjikan
6. Pagawean mang wardi nyieun pengki. Pengki teh nyaeta ..
A. tempest pakean
B. tempat mawa cai
C. tempat kadaharan
D. tempat miceun runtah
7. Lamun ka sakola teh … mawa alat tulis!
Kecap anu merenah pikeun ngeusian titik-titik di luhur nyaeta …
A. Bae
B. Oge
C. Kudu
D. Heula
8. Angklung, gendang, gong, kacapi, jeung suling alat music trasdisional ti jawa barat. Cara nebeuh suiling nyaeta ….
A. Tiup
B. Petik
C. Takol
D. Goyang
9. katelahna – kota – Jakarta – mah – metropolitan
Susunan kecap di luhur jadi kalimah nu merenah nyaeta …
A. Jakarta metropolitan mah katelahna kota
B. Jakarta mah katelahna kota metropolitan
C. Kota mah katelahna Jakarta metropolitan
D. Metropolitan Jakarta mah katelahna kota
10. Baca wacana deskkripsi di handap ieu!
Ulit kuring hideung lestreng balas kapoe. Hujan, panas teu dirasa. Ngolah sawah sangkan hasilna mucekil. Jasa kuring gede, nyadiakeun kabutuhan poko. Nu dimaksud kecap kuring dina bacaan di luhur nyaeta …
A. Guru
B. Pilot
C. Patani
D. Dokter
11. Titenan wacana di handap ieu!
Alat anu digunakeun dina teknologi informasi teh rupa-rupa, ti mimiti nu basajan tepi ka anu modern. Timimiti anu ditulis dina keretas tepi ka anu ditulis dina internet.
Eusi wacana di luhur nyaritakeun …
A. tinulis dina keretas
B. ditulis dina intentet
C. teknologi informasi
D. alat anu digunakeun
12. Nurutkeun wacana nomor 11, alat anu digunakeun dina teknologi informasi teh …
A. sarua
B. sarupa
C. sararua
D. rupa-rupa
13. Hartina kecap basajan dina wacana di luhur nyaeta ...
A. ruksak
B. mewah
C. modern
D. sederhana
14. deden : “Pa, urang dipanggil tuh!”
Teteh : “De, buru maju ka loket!”
Deden : “Sabar, ti payun aya nu daftar”
Bapa : “Neng, sing sabar, engke ge kabagean”
Teteh : “Hoyong enggal nak kapal, Pa”
Nurutkeun sempalan guneman di luhur, Deden, Teteh jeung bapa aya di …
A. halte
B. stasiun
C. bandara
D. terminal
15. Dina paguneman nomor 14, Deden, teteh jeung bapa keur nyawalakeun …
A. tiket
B. daptar
C. dipanggil
D. kabagean
16. …. Nu kamari natamu ka bumi teh?
Kecap pananya nu merenah pikeun kalimah di luhur nyaeta ….
A. Saha
B. Naon
C. Iraha
D. Di mana
17. Hiji barang rupana kawas kotak, biasana disimpen luhureun meja deukeut colokan listrik, sabab barang ieu bisa digunakeun kudu make listrik, lamun dihurungkeun kaluar sora jeung gambar anu sok ditonton, gambarna supaya alus kudu dipasang antene.
Barang anu dicaritakeun di luhur nyaeta ….
A. Radio
B. Speker
C. Televise
D. komputer
18. titenan semplan puisi di handap ieu !
Antri
Antri, antri, sagala ge kudu antri
Loba nu teu ngarti harti antri
Nu penting keur diri aing
Batur mah duka teh teuing
Jalan macet urusan ruwet
Kana hate matak rudet
Wayahna tipepereket
Batan ahirna papuket
Puisi di luhur, jalan macet urusan …
A. padet
B. dedet
C. ruwet
D. rudet
19. puisi dina nomor 18 nyaritakeun urang teh kudu …
A. antri
B. cicing
C. nungguan
D. paheula-heula
20. Neng Irma geus dua poe teu ka sakola kusabab gering.
Kalimah pananya nu merenah pikeun bacaan di luhur nyaeta ….
A. Kumaha neng Irma geus dua poe teu ka sakola?
B. Kunaon neng Irma geus dua poe teu ka sakola?
C. Naha neng Irma gering
D. Iraha neng Irma gering
21. Kecap bawa lamun ditambahan pang-keun, jadi …
A. Bawakeun
B. Pangbawakeun
C. Pangmawakeun
D. Pangdibawakeun
22. titenan kalimah-kalimah di handap!
1. Beberes tempat sare, geuwat ka cai rek mandi.
2. Samemeh mangkat ka sakola sarapan heula
3. Teu poho pamit heula ka ema bapana
4. Ti subuh keneh manehna geus hudnag
5. Sanggeus solat subuh, ngabantuan emana sasapu buruan
6. Arman budak rajin tur solehs
Urutan kalilah anu bener nyaeta …
A. 4-3-5-1-6-2
B. 6-4-1-5-2-3
C. 4-3-5-1-2-6
D. 6-3-2-5-1-4
23. Lamun aya babaturan nu kasusuhana teh kudu …
A. Silih itung
B. Silih injeum
C. Silih anteuran
D. Silih tulungan
24. Sareng hormat
Bu kumaha damang? Syukur Alhamdulillah upami ibu nuju aya dina kawilujengan mah.
Sempalan surat di luhur mangrupa bagean … surat.
A. Eusi
B. Bubuka
C. Panutup
D. Titi mangsa
25. Nulis tanggal surat anu bener nyaeta …
A. Bogor, 25 Januari 2016
B. Bogor: 25 Januari 2016
C. Bogor. 25 Januari 2016
D. Bogor; 25 Januari 2016
Titenan bacaan pikeun soal no 26-29
Aedes agepty teh reungit anu resep cicing dina cai herang nu nyalangkrung. Dina nu poek atawa nu baruni. Aedes albopiktus mah deuih sok cicingna teh, kukulayaban ti isuk tepi ka beurang. Ari aedes albopiktus mah cicingna di kebon. Si belang teu bisaeun hirup dina daerah anu luhurna leuwih ti 1.000 meter ti beungeut cai.
26. Poko carita bacaan di luhur nyaeta …
A. Siraru
B. Sireum
C. Jangkrik
D. Reungit
27. Nurutkeun arita di luhur reungit aedes albopiktus cicingna di …
A. huma
B. kebon
C. sawah
D. leuwung
28. Wacana di luhur nyaritakeun
A. tempat cicingna reungit
B. tempat mehan reungit
C. cara ngalobaan reungit
D. cara ngabarantas reungit
29. Sinonim kecap daerah dina wacana di luhur nyaeta ….
A. Sipat
B. Tempat
C. Barang
D. Pagwean
30. Ari Aedes Albopiktus mah cicingna di kebon. Kebon asup kana istilah …
A. ekonomi
B. pertanian
C. kasehatan
D. pendidikan
Baca wacana di handap pikeun soal nomor 31-34!
Sarana komunikasi teh aya nu saarah, aya nu dua arah. Anu saarah di antarana wae eta aya surat, telegram, faksimilie (nu dikirim teu salawasna surat), radio, jeung telepisi. Eta sarana teh ngan bisa keur ngirim atawa narima informasi wungkul.
31. Poko pikiran tina wacana di luhur nyaeta …
A. Sarana komunikasi
B. Surat, telegram, faksimilie
C. Ngirim atawa narima infromasi
D. Di kirim teu salawasna surat
32. Sarana komunikasi anu saarah nyaeta …
A. Surat, telegram, radio
B. Telepon, radio, televisi
C. Televise, faksimilie, telepon
D. Telegram, telepon, televisi
33. Salah sahiji alat komunikasi nu saarah nyaeta …
A. Videocall
B. Handpon
C. Telepon
D. Surat
34. manehna kamari narima surat. Narima saharti jeung …
A. mere
B. ngirim
C. nampa
D. mikeun
Baca sing taliti wacana di handap pikeun soal no 35-38!
Masalah transportasi di kampung jeung di kota sarua aya, ngan beda rupana. Di kampung lila ka tempat tujuan teh lantaran hese kendaraan. Di kota lilana tepi ka tempat tujuan teh lantaran patalimarga macet alatan rea teuing kendaraaan jeung kurangna disiplin pribadi di jalan raya.
35. Poko pikiran dina paragraph di luhur nyaeta …
A. Hese kendaraan
B. Masalah transportasi
C. Disiplin pribadi di jalan raya
D. Macet alatan rea teuing kendaraan
36. Di kampung lilana tepi ka tempat tujuan teh lantaran ….
A. Macet
B. Loba kendaraan
C. Hese kendaraan
D. Kurang disipilin di jalan raya
37. Patalimarga …. Alatan rea teuing kendaraan. Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan eta kalimah nyaeta ….
A. Ngemplong
B. Jempling
C. Lancar
D. Macet
38. lilana ka tempat tujuan teh lantaran hese kendaraan. Hese saharti jeung …
A. loba
B. susah
C. babari
D. gampang
39. Sabot keur pahibut kana jajanan, bel disada tilu kali, barudak paburisat muru ka hareupeun kelasna sewing-sewangan, terus baris diatur ku pupuhu kelasna, sanggeus rapih tuluy …
Kalimah nu cocok pikeun ngalengkepan paragraph di luhur nyaeta ….
A. Indit jarajan
B. Arasup ka jero kelas
C. Arulin di buruan sakola
D. Sasapu di hareupeun kelas
40. Hidep kudu rajin maca buku …. Nambahan elmu.
A. Jeung
B. Lamun
C. Atawa
D. Supaya
41. …. Suku urang meni nyeri! Kecap panyeluk anu merenah nyaeta ….
A. Ah
B. Wah
C. Aduh
D. Asyik
42. Kalimah nu ngandung SPOK nyaeta …
A. Ani meuli pulpen di took buku
B. Kamari Budi meuli buku di toko
C. Buku nu dibeuli ku Teti leungit
D. Isuk-isuk Rudi mangkat ka sakola
43. Baca kajadian di handap ieu!
Ambulan nu keur parker di sisi jalan ngahiung tarik naker, supirna paciweuh pagaliwota jeung masarakat anu keur lalajo. Salah saurabg anu make baju pulisi seselendep bari mawa tandu anu rek dipake manggul korban tabrakan.
Wacana diluhur keur nyaritakeun proses kajadian …
A. Nulungan nu katabrak
B. Ambulan keur parker
C. Supir nu paciweuh
D. Pulisi seselendep
44. Nurutkeun bacaan dina nomor 43 nu jadi sabab kajadian teh nyaeta …
A. Aya pulisi
B. Aya tabrakan
C. Aya ambulan
D. Aya masarakat
45. Nurutkeun bacaan dina nomor 43 eta kajadian teh di …
A. Jalan
B. Pasar
C. Lapangan
D. Jambatan
46. bacaan dina nomor 43 nyaritakeun kajadian …
A. pulisi keur nilang kendaraan
B. pulisi keur ngajaga kendaraan
C. sanggeus lumangsungna tabrakan
D. sememeh kajadian tabrakan
47. titenan warta radio d I handap ieu!
Wartos salengkepna :
Jalur anyar di jalan Soleh Iskandar nu sabagian kakara rengse geus mimiti ruksak. Jalur nu ngembat ti kedung badak tepi ka pertelon Yasmin di sababaraha tempat geus mimiti renjul jeung logak. Ku paniten rusakna eta jalur teh alatan hujan an uterus-terusan ngaguyur jeung reana treuk nu bareurat ngaliwat.
Kacindekan warta di luhur nyaeta …
A. jalan anu ruksak
B. kajadian musibah
C. hujan terus-terusan
D. jalan nu ngembat
48. nurutkeun wacana dina nomor 47 ruksakna jalan teh ku alatan …
A. jarang hujan
B. kakara rengse
C. jalan anu rarenjul
D. treuk nu bareurat
49. ku paniten rusakna eta jalur teh alatan hujan anu terus-terusan ngaguyur jeung rea treuk nu bareurat liwat. Reana sarua jeung …
A. loba
B. jarang
C. saeutik
D. euweuh
50. ayeuna urang arek kamana?
Kalimah di luhur kaasup kalimah …
A. pananya
B. wawaran
C. pangajak
D. panyaram


0 komentar :
Posting Komentar