Soal Try Out III Bahasa Sunda SD Tahun Pelajaran 2015/2016

TRY OUT III TP.2015/2016
Bogor Jawa Barat 
Soal Try Out III Bahasa Sunda SD Tahun Pelajaran 2015/2016
Baca pikeun soal no 1-4
Tangkal cau pelak kuya beuki lila beuking ngajangkungan wae jeung ngagedean. Isuk sore teu weleh ditungguan. Geus puguh tipeuting mah da kuya téh sarena di handapeun tangkal cau pelakna tea. Peta kuya kitu téh bakating ku reueus we pedah geus bias melak cau.
1. Nurutkeun carita di luhur, anu jadi tokoh (palaku) na nyaéta ….
A. Kuda
B. Kuya
C. Kadal
D. Meong

2. Tangkal cau pelak kuya beuki lila beuki ngajangkuangan wae jeung ngagedean. Ngajangkungan saharti jeung ….
A. Mondokan
B. Manjangan
C. Ngaluhuran
D. Ngaleuwihan

3. Kuya téh sarena … tangkal cau. Kecap anu merenah pikeun ngalegkepan kalimah diluhur nyaéta ….
A. Handap
B. Di handap
C. Ka handap
D. Handapeun

4. Tempat kajadian carita di luhur nyaéta ….
A. Sawah
B. Kebon
C. Buruan
D. Leuweung

5. Sri mimitina naek komedi puter. Ari ayu mah resepeun naek bianglala. Resep cenah ningali kaendahan kota Bogor ti luhur, matak was puguh oge, katingal rungkunukna tatangkalan di kebon raya nu jadi jantungna kota. Walungan nu aya di tengah-tengah lir halis mojang geulis dipikasieup ku reup-brayna listrik di tiap gedong, mawa tingtrim kana hate. Ayu mah naek deu nek deui sakitu wanci geus reup-reupan oge.
Ayu naek bianglala kusabab ….
A. Matak waas
B. Tatangkalan di kebon raya
C. Wanci geus reup-reupan
D. Resep ningali kaendahan kota bogor

6. Kebon raya téh jantungna kota Bogor. Jantung kota hartina nyaéta ….
A. Gigir kota
B. Pusat kota
C. Tungtung kota
D. Sabudeureun kota

7. Aki Sukari …. Mang Wardi keur nyieun gagarabah.
Kecap nu merenah pikeun ngeusian titik-titik di luhur nyaéta ….
A. Heula
B. Jeug
C. Mah
D. Oge

8. Angklung, gendang, gong, kacapi jeung suling alat music tradisional Jawa Barat. Cara nabeuh goong nyaéta di …
A. Tiup
B. Petik
C. Takol
D. Goyang

9. Banjir – biasana – dina – hujan – loba – nu – sok – tempat – usum
Susunan kalimah anu merenah tina kecap-kecap di luhur nyaéta ….
A. Dina usum hujan biasan sok loba tempat nu banjir
B. Usum hujan dina tempat nu banjir biasana sok loba
C. Usum hujan biasana sok loba dina tempat nu banjir
D. Tempat nu usum banji dina biasana sok loba hujan

10. Kuring sok dibabawa unggal poe ka sakola
Ku barudak sakola sok dipake nulis atawa ngagambar
Mun potong kuring sok dirautan ambeh seukeut
Nu dimaksud ku kecap kuring téh nyaéta ….
A. Pidol
B. Patlot
C. Pulpen
D. Panggaris

11. Di jalan raya, sakumaha reana kendaraan, lamun nu marawa kendaraanna kabeh tertib mah, moal nepi ka macet patalimarga téh, waktu jelem-jelema arindit ka tempat tujuannana, jalan téh teu pati macet da tertib jeung antri kusabab aya pulisi. Giliran pulisi euweuh mah macetna luar biasa, eta tandana, rea nu mawa kendaraan teu tartib di jalan umum, di jalan raya milik urang sarerea.
Eusi wacana di luhur nyaritakeun …
A. Rea kendaraan
B. Jalan anu macet
C. Jalan raya milik urang
D. Katertiban di jalan raya


12. Nurutkeun wacana no 11 moal nepi ka macet patalimarga téh lamun ….
A. Teu tartib di jalan umum
B. Jalan téh teu pati macet
C. Arindit ka tempat tujuanana
D. Nu mawa kerdaraan kabeh tertib

13. Hartina jalan umum nyaéta …
A. Jalan milik sarerea
B. Jalan milik pribadi
C. Jalan milik kulawarga
D. Jalan milik sorangan

14. Rina : “Wilujeng siang, Bu?”
Ibu Guru : “Wilujeng siang”
Rina :  “Punten, manawi ibu kagungan waktos, abdi gaduh patarosan”
Ibu Guru : “Mangga, sok arek naros naon?”
Rina : “Ieu perkawis pupuh bu”
Ibu Guru: “Pupuh?”
Rina : “Leres Bu, dupi nu disebut pupuh téh naon?”
Tempat kajadian guneman di luhur nyaéta ….
A. Imah
B. Pasar
C. Sakola
D. Musola

15. Dina paguneman no 14, Rina jeun Ibu Guru keur nyawalakeun ….
A. Lagu
B. Sajak
C. Puisi
D. Pupuh

16. …. Ayana taman safari téh?
Kecap pananya nu merenah pikeun kalimah di luhur nyaéta ….
A. Saha
B. Naon
C. Iraha
D. Dimana

17. Baca sing taliti wacana di handap ieu!
Hiji barang dijieuna tina kayu, ukuranna aya pendek aya nu jangkung, ngabogaan panto aya oge anu make kaca kagunaanna pikeun tempat pakean atawa buku.
Barang anu dicaritakeun di luhur nyaéta ….
A. Bangku
B. Korsi
C. Lomari
D. Meja

18. Titenan puisi di handap ieu!
Cipalebuh
Cipalebuh baretona,
Ngagulidag caina
Ngagenyas herangna,
Arula arileu ti girangna,
Mapay lembur, mapay desa,
Ngamuara di punaga,
Waktu  caah, waktu saat
Angger wae misobat,
Dipikabutuh ku rahayat
Nurutkeun puisi di luhur cipalebuh téh caina ….
A. Kiruh
B. Kotor
C. Cumer
D. Herang

19. Puisi dina nomor 18 nyaritakeun …
A. Situ
B. Laut
C. Balong
D. Walungan

20. Jawaban : Urang kudu ngajaga jeung ngamumule seni tradisi.
Kalimah pananya anu saluyu jeung jawaban di luhur nyaéta ….
A. Ka saha urang di ajar seni budaya?
B. Di mana urang ningali seni tradisi?
C. Kudu kumaha urang kana seni tradisi?

21. Kecap tukeur lamun di tambahan ku rarangken pang-keun, jadi ….
A. Tukeurkeun
B. Pangtukeurkeun
C. Pangnukeurkeun
D. Pangditukeurkeun

22. Titenan kalimah-kalimah di handap!
1. Orang marilu gariug, aya anu na tangkal, aya anu nolol na linang
2. Di pangguyangan nu rek saat, bangkong, bayawak, jeung lele miluan
3. Kitu deui canghegar, cangkurileung, gagak, heulang, kalong jeung lalay
4. Ajag, badak, bagong, careuh, gajah jeung maung araya
5. Di jero leuweung nu kantun saeutik deui, sasatoan keur ngarumpul
Urutan kalimah di luhur anu bener nyaéta ….
A. 5 – 4 – 3 – 2 – 1
B. 4 – 3 – 1 – 5 – 2
C. 2 – 4 – 5 – 1 – 3
D. 3 – 4 – 2 – 5 – 1

23. Galandangan téh teu boga (dumuk) nu matuh. Kecap nu dijero kurung kuduna ….
A. Didumukan
B. Dudumukan
C. Padumukan
D. Pangdumukan

24. Maksadna ngintun ieu serat téh bade ngulem kanggo salametan angkat ka tanah suci. Sempalan surat di luhur mangrupa bagian …. Surat.
A. Eusi
B. Bubuka
C. Panutup
D. Titi mangsa

25. Nulis tanggal surat anu bener nyaéta ….
A. Suarbaya : 29 Februari 2016
B. Suarbaya . 29 Februari 2016
C. Suarbaya , 29 Februari 2016
D. Suarbaya ; 29 Februari 2016

Titenan bacaan di handap ieu pikeun soal no 26-29!
Tutuwuhan anu jadi kulantaran sato oge aya. Contona bae kieu, lalay sok ngadaharan jambu batu atawa gedang, ngadaharna téh bari ngapung kaditu kadieu. Tah waktu ngapung, aya siki jambu atawa gedang anu ragrag jauh tina tangkalna. Lamun kabeneran eta siki ragrag kana taneuh anu subur, eta siki téh jadi.

26. Poko carita bacaan di luhur nyaéta ….
A. Siki
B. Sato
C. Tutuwuhan
D. Kadaharan

27. Lalay ngadahar jambu atawa gedang sabari …
A. Lumpat
B. Ngapung
C. Leumpang
D. Ngarayap

28. Eusi wacana di luhur nyaéta ….
A. Tutuwuhan anu jadi kulantaran sato
B. Ngadaharna téh bari ngapung kaditu-kadieu
C. Lalay sok ngadahar jambu batu atawa gedang
D. Siki jambu atawa gedang anu rag-rag jauh tina tangkalna

29. Sinonim kecap ragrag dina wacana di luhur nyaéta …
A. Hiber
B. Murag
C. Ngapung
D. Ngalayang

30. Lalay sok ngadahar jambu batu atawa gedang. Lalay téh sabangsaning …
A. Sasatoan
B. Bubuahan
C. Kadaharan
D. Tutuwuhan

Baca wacana di handap pikeun soal no 31-34!
Peneuteupan barudak mangsa kiwari geus loba manco kana kaahengan teknologi abu beuki dieu beuki canggih bae. Saperti salah sahiji diantarana nyaéta aero modeling. Sok sanajan hargana téh kaitung mahal, ampir sarua jeung harga sakarungeun beas, tapi ari ku resep mah teu saeutik anu lah-lahan ngusahakeun sangkan bias kapimilik eta kaulinan.
31. Pokok pikiran tina wacana di luhur nyaéta …
A. Kaulinan
B. Kapimilik
C. Kaahengan
D. Ngusahakeun

32. Nurutkeun wacana di luhur teknologi anu beuki dieu beuki ….
A. Alus
B. Maju
C. Goring
D. Canggih

33. Jaman …. Teknologi téh beuki canggih. Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ….
A. Baheula
B. Ayeuna
C. Bareto
D. Kiwari

34. Sangkan bias kapimilik eta kaulinan. Kecap kapimilik saharti jeung ….
A. Kapiboga
B. Kapiceun
C. Kabikeun
D. Kapenta

Baca sing taliti wacana di handap piekun soal no 35 – 38!
Kunaon pangna Cilautreureun jeung saying heulang, basisir di garut téh teu kasohor kawas Pangandaran jeung Palabuhan ratu? Padahal kurang naon? Anggangna ti ibu kota kabupaten ampir sarua. Kitu deui ti ibu kota propinsi. Kaayaan jalanna sarua, kaendahan alamna satata. Kunaon tah? Nya eta tea sigana mah, pamarentah jeung masarakatna kurang motekar dina ngokolakeun pariwisata.

35. Poko pikiran dina wacan di luhur nyaéta ….
A. Tempat pariwisata
B. Kaendahan alamna satata
C. Tempat pangandaran
D. Pangandaran jeung palabuhan ratu

36. Cilauteureun jeung saying heulang teu kasohor kawas pangandaran jeung palabuhan ratu, sabab ….
A. Kaayaan jalanna sarua
B. Kaendahan alamna satata
C. Angganggna ti ibu kota kabupaten ampir sarua
D. Kurang motekar dina ngokolakeun pariwisata

37. Pangandaran jeung palabuhan ratu ….. ka mana-mana. Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah nurutkeun wacana di luhur nyaéta ….
A. Kasorot
B. Kasohor
C. Katinggaleun
D. Kapohoeun

38. Kaayaan jalanna sarua, kaendahan alamna satata. Satata hartina …..
A. Saharti
B. Sasama
C. Saluhur
D. Satingkat

39. Jang hamad budak anu getol diajar tur leket pisan ibadahna. Subuh-subuh …. Koloyong ka kamar mandi. Sanggeus dianduk rap dibaju, tuluy nyisiran. Sanggeus ngarasa rapih jang Ahmad Shalat Shubuh husu pisan.
A. Manehna sare keneh
B. Manehna geus dahar
C. Manehna geus hudang
D. Manehna ngaringkuk dina korsi

40. Dina usum hujan aya banjir …. Loba walungan nu kapendet ku runtah.
A. Tapi
B. Sabab
C. Supaya
D. Padahal

41. …. Langlayangan urang meunang, euy! Kecap panyeluk anu merenah nyaéta ….
A. Ah
B. Wah
C. Aduh
D. Asyik

42. Kalimah annu ngandung pola SPOK nyaéta ….
A. Rani keur maca buku di perpustakaan
B. Lamari Rina pinuh ku uku pelajaran
C. Barudak lalaki keur maen bal
D. Pasosore arulin ka alun-alun

43. Baca kajadian di handap ieu!
Sakitu geus dibaguded ku pakean manglapis-lapis. Tapi masih wae balung téh asa dicocogan ku jarum es. Panon poe geus mimiti tunggang gunung, pabaliutna jelema di terminal anu balawiri ngidul ngaler ngarudag-ngudag beus nu kakara datang.

Wacana di luhur keur nyaritakeun proses kajadian ….
A. Ngudag beus nu kakara datang
B. Panon poe geus mimiti tunggang gunung
C. Pabaliutna jalma di terminal annu balawiri
D. Sakitu dibaguded ku pakean manglapis-lapis

44. Nurutkeun bacaan dina nomor 43 nu jadi sabab kajadian téh nyaéta ….
A. Jalma pabaliut
B. Terminal nu balawiri
C. Asa dicocogan ku jarum es
D. Ngudag beus nu kakara datang

45. Nurutkeun bacaan nomor 43 eta kajadian téh di ….
A. Stasiun
B. Terminal
C. Bandara
D. Palabuan

46. Bacaan dina nomor 43 nyaritakeun kajadian ….
A. Balung asa dicocogan ku jarum es
B. Panon poe nu geus mimiti tunggang gunung
C. Pabaliut jelema anu nunggun beus di terminal
D. Sakitu geus dibaguded ku pakean manglapis-lapis

47. Baca warta radio di handap ieu!
Para pamiarsa akhir-akhir ieu remen pisan kajadian musibah anu tumiba ka bangsa urang. Anu matak ngageumpeurkeun téh diantarana Tsunami di Aceh, Jogja jeung Ciamis, caah leutak di Sidoarjo Jawa  Timur, caahna walungan Ciliwung.

Kacindekanana warta di luhur nyaéta ….
A. Ngageumpeurkeun
B. Kajadian musibah
C. Caahna walungan Ciliwung
D. Caah leutak di Sidoarjo Jawa Timur

48. Nurutkeun warta dina nomor 47 di Sidoarjo kajadian musibah ….
A. Caah
B. Gempa
C. Tsunami
D. Caah leutak

49. Ahir-ahir ieu remen pisan kajadian musibah anu tumiba ka bangsa urang. Kecap remen sarua hartina jeung …
A. Sering
B. Jarang
C. Langka
D. Pernah

50. Ulah huhujanan bae atuh bisi asup angin!
Kalimah di luhur kaasup kalimah ….
A. Pananya
B. Pangajak
C. Wawaran
D. Panyaram

Share on Facebook
Share on Twitter
Share on Google+
Tags :

Related : Soal Try Out III Bahasa Sunda SD Tahun Pelajaran 2015/2016

0 komentar :

Posting Komentar

Paling Laku

Buku Detik-Detik US Sekolah Dasar SD 2016/2017

Jual Buku Detik-Detik US Sekolah Dasar SD 2016/2017 - Tahun Pelajaran 2016 sudah berjalan beberapa bulan artinya tinggal beberapa bulan ke ...