Soal Ujian Sekolah Bahasa Sunda Tahun Pelajaran 2015/2016

Cakra (X) aksara A, B, C atawa D anu di anggap bener!

Saterasna gatotgaca janten satria Pringgandani, pahlawan karajaan anu gagah taya tanding. Musuh weduk geus tangtu takluk, bubuhan gatotgaca mah urat kawat balung beusi, dipikagimir ku musuh-mushuna.

1.  Anu jadi tokoh (palaku) dina sempalan carita di luhur nyaeta …

A. Satria
B. Arjuna
C. Gatotgaca
D. Pringgandani


2.  Dipikagimir ku musuh-musuhna. Kecap dipikagimir saharti jeung …

A. Dipikaera
B. Dipikainget
C. Dipikaresep
D. Dipikasieun

3.  Bubuhan Gatotgaca mah urat … balung beusi. Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ….

A. Paku
B. Beusi
C. Kawat
D. Kaleng

4.  Tempat kajadian carita di luhur nyaeta di ….

A. Karajaan
B. Kasultanan
C. Padepokan
D. Pasantrenan

5.  Unggal rek sare, Bi siti mapatahan ka anakna sangkat ngosok huntu heula, sabab sagal kadaharan anu narempel dina huntu, mun teu diberesihan bakal jadi saying panyakit. Komo deui apan Sri mah resep pisan kana kadaharan nu amis-amis teh.

Nurutkeun carita di luhur, lamun huntu teu diberesihan bakal jadi ….

A. Rada bau
B. Nyeri huntu
C. Tambah kotor
D. Sayangna panyakit

6.  Bi Siti mapatahan anakna sangkan ngosok huntu heula. Mapatahan hartina ….

A. Nitah
B. Nyarekan
C. Mere nasehat
D. Ambek-ambekan

7.  Sanajan lanceukna galak … adina mah bageur pisan.
Kecap anu merenah pikeun ngeusian titik-titik di luhur nyaeta ….

A. Tapi
B. Kudu
C. Heula
D. Sabab

8.  Angklung, gendang, gong, kacapi jeung suling alat music tradisional ti Jawa Barat. Cara nabeuh kacapi nyaeta di ….

A. Tiup
B. Petik
C. Takol
D. Goyang

9.  kahirupan – kasehatan – ngajaga – pikeun – penting – the.
Susunan kecap di luhur jadi kalimah anu merenah nyaeta ….

A. Pikeun kasehatan the kahirupan penting ngajaga
B. Kasehatarn pikeun penting the ngajaga kahirupan
C. Ngajaga kasehatan the penting pikeun kahirupan
D. Kahirupan ngajaga the pikeun penting kasehatan

10.  Kuring sabangsa sato miboga ceuli nu panjang, boga hulu lemes ampir sarua jeung buludru, lamun keur ulin tara leumpang, tapi aclog-aclogan, biasana dipiara di kandang hareupeun imah, kadaharan nu dipikaresep nyaeta wortel.

Nu dimaksud ku kecap kuring nyaeta ….

A. Ucing
B. Anjing
C. Domba
D. Kelenci

11.  Industri beurat nyeta industri anu produksina kabeh ngagunakeun mesin-mesin anu galed. Bahan-bahan anu diolahna beusi jeung waja. Industri berat the biasana di pabrik-pabri anu galede. Conto hasil produksina saperti beus, treuk, kareta api, buldoser, kapal udara, jeung nu sejenna.

Wacana di luhur nyaritakeun …

A. Pabrik
B. Industry
C. Industri beurat
D. Mesin nu galede

12.  Nurutkeun wacana no 11 bahan-bahan anu diolah ku Industri beurat nyaeta ….

A. Beusi jeung waja
B. Waja jeung plastic
C. Beusi jeung kaleng
D. Palastik jeng kaleng

13.  Produksi hartin nyaeta …

A. Kagiatan anu ngarugikeun
B. Kagiatan anu meakeun waktu
C. Kagiatan anu perlu biaya gede
D. Kagiatan anu bias ngahasilkeun barang

14.  Rina : “Ari hama the naon sih?

Nani : “nu ngaruksak”
Rina : “Enya, naon bae contona?”
Nani : “Rupa-rupa, naon heula nu diruksakna?”
RIna : “Pare”

Tempat kajadian paguneman di luhur nyaeta ….

A. Kebon
B. Sawah
C. Basisir
D. Pakarangan

15.  Dina paguneman no 14, Rina jeung Nani keur nyawalakeun ….

A. Pare
B. Conto
C. Hama
D. Ruksak

16.  … nu dijingjing ku Mang Wardi ti kebon?

Kecap pananya nu merenah pikeun kalimah di luhur nyaeta ….

A. Saha
B. Naon
C. Iraha
D. Dimana

17.  aya hiji barang, dijieun tina bahan palastik, wangunna buleud, warnana rupa-rupa aya nu koneng, beureum, hejo, biru jeng sajabana, lamun dibawa sok dijinjing, biasana osok dipake mawa cai.

Barang anu dicaritakeun diluhur nyaeta ….

A. Baskom
B. Ember
C. Gayung
D. Panci

18.  Titenan sempalan puisi di handap ieu!
Ya Tuhan

Asa gede ieu hate

Asa mulya ieu dir

Bade ngapung ngawang-ngawang

Ngajorag sagara mega

Tumpak manuk, jangjang beusi
Nurutkeun puisi du luhur bade ngajorag sagara ….

A. Awing-awang
B. Langit
C. Angin
D. Mega

19.  Puisi dina nomor 18 nayritakeun naek

A. Beus
B. Kapal cai
C. Kareta api
D. Kapal udara

20.  Jawaban : Tandur nyaeta ngamimitan melak pare
Kalimah pananya anu saluyu jeung jawaban di luhur nyaeta ….

A. Iraha arek tandur the?
B. Naon anu disebut tandur the?
C. Diman arek ngayakeun tandur the?
D. Kudu kumaha ari rek ngayakeun tandur?

21.  Kecap tutup lamun ditambahan ku rarangken pang-keun, jadi ….

A. Tutukeun
B. Pangtutupkeun
C. Pangnutupkeun
D. Pangditutupkeun

22.  Titenan kalimah-kalimah di handap ieu!

1.  Anu ngakibatkeun pamukiman masarakat kakeueum ku cai hujan
2.  Ku sabab tutuwuhan nu geus dituaran teu dipelakan deui
3.  Taneuh gawir sok loba nu arurug
4.  Dina usum ngijih, unggal poe hujan turun terus-terusan
5.  Loba walungan caah atawa banjir

Urutan kalimah di luhur anu bener nyaeta ….

A. 2 – 3 – 5 – 1 – 4
B. 4 – 3 – 1 – 5 – 2
C. 2 – 4 – 5 – 1 – 3
D. 4 – 3 – 2 – 5 – 1




Share on Facebook
Share on Twitter
Share on Google+
Tags :

Related : Soal Ujian Sekolah Bahasa Sunda Tahun Pelajaran 2015/2016

0 komentar :

Posting Komentar

Paling Laku

Buku Detik-Detik US Sekolah Dasar SD 2016/2017

Jual Buku Detik-Detik US Sekolah Dasar SD 2016/2017 - Tahun Pelajaran 2016 sudah berjalan beberapa bulan artinya tinggal beberapa bulan ke ...